Botanix - Hiji jurnal ngeunaan pepelakan

Edisi Basa Sunda

Kiwano – Cucumis metuliferus

Buah Kiwano anu ngawangun buleud lonjong kalayan panjang 10–15 cm katempo kawas buah jeruk. Manéhna kaasup kulawarga ketimun. Buah ieu ngabogaan tanduk-tanduk leutik dina kulit buahna sarta ngingetkeun jelema dina sajenis pakarang abad pertengahan. Daging buahna boga warna héjo sarta biasana ngandung loba siki bodas ukuranana 5–10 mm. Lamun tacan masak, buahna boga warna héjo.

Buah-buahan ieu diimpor ti Israél sarta Amérika Tengah. Bagian anu urang dahar nyaéta daging buah boga warna héjo sakaligus siki-sikina. Rasa buah kiwano kawas ketimun, labu cai sarta cau. Sanggeus ngadahar kiwano, urang bisa ngagunakeun kulit buahna minangka piring-piring geulis; sedengkeun sikina bisa urang pelak. Pepelakan ieu gancang ngembang sarta nampak kawas labu cai kalayan tangkai-tangkai sarta sulur-sulur panjang. Daun-daunna nyieun jelema kainget dina pepelakan ketimun alatan manéhna ogé ngabogaan bulu-bulu berduri.

Penyerbukan kembang-kembang ukuranana 3 mm ieu lumangsung sakumaha dina pepelakan ketimun. Leuwih hadé urang inget yén buahna bisa ngaluarkeun akar lamun bersentuhan jeung taneuh. Kiwano tumuwuh kalayan alus dina kisaran suhu 25 °C, alatan éta suhu dina pot-pot dawam dijaga ambéh sarua kawas sabot melak ketimun sarta melon. Kiwano henteu tahan ka cuaca pinuh es. Lamun Anjeun cicing di wewengkon-wewengkon anu tiis atawa ngalaman cuaca es, mangka Anjeun perlu melak kiwano di luar rohangan sanggeus usum es kasebut.

««« Artikel samemehna: Malapari Pongamia pinnata Artikel saterusna: Budidaya Semanggi Berdaun Opat- (Marsilea quadrifolia) »»»

Saptu 24.9.2011 21:18 | Citak | Pepelakan Eksotis

Ngeunaan KPR

KPR - Klub Pekebun Slowakia
KPR - Klub Pekebun mangrupa organisasi pekebun internasional. Baca saterusna...
Bagilah pangalaman Anjeun ngeunaan menaman pepelakan. Tulis artikel tetang berkebun, pepelakan, melak pepelakan sarta séjén-séjén. Tuluy siarkan dina jurnal Botanix edisi basa Anjeun. Hubungi kami pikeun detil saterusna.

Kategori: Kabeh Hama Jukut Palem Pepelakan Eksotis Pepelakan cai Petunjuk cara melak pepelakan Suweng Tangkal jarum