Botanix - Hiji jurnal ngeunaan pepelakan

Edisi Basa Sunda

Tusam Khasi (Pinus kesiya)

Tusam Khasi (Pinus kesiya) mangrupa spesies ti Asia anu bisa tumuwuh kalayan gancang, anu arang dibudidaya di luar wewengkon aslina. Tangkalna ngabogaan luhur kira-kira 30–35 méter sarta ukuran diameter batangna bisa ngaleuwihan 1 m. Unggal-unggal cabangna ngabogaan tilu cucuk – unggal ukuranana panjang kira-kira 15 nepi ka 20 cm. Buah ti pepelakan ieu (jagung) ngabogaan panjang kira-kira 5 nepi ka 9 cm sarta panjang sikina kira-kira 1,5 nepi ka 2,5 cm.

Wewengkon asal Tusam Khasi (Pinus kesiya) nyaéta wlayah Himalaya: ti India Wétan Sagara (alatan penggelondongan kai, ayeuna ieu ngan aya di Gunung Khasi sarta Gunung Naga di nagara bagian Meghalay sarta Manipur), Cina (Propinsi Yunnan), Burma (Myanmar), Thailand Kalér, Laos, Vietnam (Lai Chau, Lang Son, Cao Bang, Quang Ninh) sarta Filipina (Luzon). Tusam ti Filipina sakapeung diidentifikasi minangka spesies terpisah ngaranna Pinus insularis. Di Cina kapanggih spesies sarupa anu disebut minangka Tusam Yunnan (Pinus yunnanensis)

Spesies ieu aya di taneuh doyong boga warna beureum sarta miskin nutrisi sarta boga warna konéng sarta ngandung zat asam (kalayan ph 4,5) anu diwuwuhan sagala rupa jenis tatangkalan sarta aya dina jangkungna 800–2000 méter, tapi lolobana aya dina jangkungna antara 1200–1400 m. Wewengkon kasebut ngabogaan iklim subtropis kalayan pergantian période baseuh sarta garing sapanjang warsih sarta curah hujan anu luhur tingkat kelembapan anu ngaleuwihan 70%.

Pepelakan ieu tahan ka lingkungan tiis, tapi pohara peka ka kaayaan beku anu leuwih lila salila période vegetasi. Salila période pembiakkan, pepelakan ieu merlukeun kaayaan wewengkon anu leupas ti beku.

Ngaran-ngaran séjén ti pepelakan ieu: Pinus khasya, Pinus khasyanus

««« Artikel samemehna: NOVODOR FC pikeun membasmi Kumbang Kentang Colorado Artikel saterusna: Melak beuti kembang sarta siki »»»

Saptu 8.10.2011 15:45 | Citak | Tangkal jarum

Ngeunaan KPR

KPR - Klub Pekebun Slowakia
KPR - Klub Pekebun mangrupa organisasi pekebun internasional. Baca saterusna...
Bagilah pangalaman Anjeun ngeunaan menaman pepelakan. Tulis artikel tetang berkebun, pepelakan, melak pepelakan sarta séjén-séjén. Tuluy siarkan dina jurnal Botanix edisi basa Anjeun. Hubungi kami pikeun detil saterusna.

Kategori: Kabeh Hama Jukut Palem Pepelakan Eksotis Pepelakan cai Petunjuk cara melak pepelakan Suweng Tangkal jarum